Assalamu’alaikum Wr. Wb
Wilujeung énjing ka sadayana.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sim kuring
ngahaturkeun nuhun wiréh sadérékparantos kersa sumping dina ieu rapat.
Sakumaha anu parantos diserat dina uleman, rapat dina dinten ieu
badé ngabadantenkeun ngeunaan “ JUMSIH SMK NEGERI 1 BOGOR “.
Jumsih atawa juma’ah bersih nyaéta hiji kagiatan anu sok
dilaksanakeun di sakola pikeun ngabersihan lingkungan anu aya di sakolaan.
Kagiatan éta dilaksanakeun :
-
Dinten/ Kaping :
Juma’ah, 19 Oktober 2012
-
Waktos :
07.05 – 08.00
Dina rapat ieu sim kuring badé ngabagikeun tugas pikeun masing-
masing anggota OSIS, nyéta :
NO
|
NAMI
|
TUGAS
|
TEMPAT
|
1
|
Della
Luckyta
|
Mingpin
kelas X MM 1
|
JL.
Heulang
|
2
|
Rintan
Praharsiwi
|
Mingpin
kelas X MM 2
|
JL.
Kasintu
|
3
|
Qeis
Muhammad
|
Mingpin
kelas X MM 3
|
JL.
Dadali
|
4
|
Syeikh
M. Miftahudin
|
Mingpin
kelas X AK 1
|
Lapangan Parkir Siswa
|
5
|
Muhammad
Januar
|
Mingpin
kelas X AK 2
|
Lapangan
Parkir Guru
|
6
|
Kintan
Siera A. P
|
Mingpin
kelas X AP 1
|
Musola
|
7
|
Renisa
Melani P
|
Mingpin
kelas X AP 2
|
Kantin
|
8
|
Maria
Ulfah
|
Mingpin
kelas X UPW 1
|
Kelas
UPW 1
|
9
|
Kenti
Lestari
|
Mingpin
kelas X UPW 2
|
Kelas
UPW 2
|
10
|
Junia
Pangesti
|
Mingpin
kelas X PM 1
|
Kelas
PM 1
|
Aya ogé tugas ti masing- masing pamingpin nyaéta :
1.
Nyadiakeun absen
2.
Masihan terang ka kelas anu tos ditugaskeun.
3.
Ngabsen anu ngalaksanakeun jumsih unggal kelas
upami tos bérés.
Aya deui cara ngalaksanakeunna, nyaéta :
-
Jl.
Heulang, Jl. Kasintu, Jl. Dadali, Lapangan Parkir :
1.
Bersihkeun atawa sapukeun sampahna.
2.
Pilah heula sampahna.
3.
Asupkeun kana tong sampah anu sarua jenisna.
4.
Piceun ka TPS ( Tempat Pamiceunan Sampah ) di
pipir kantin.
5.
Absén
-
Musola
1.
Gulung Karpetna.
2.
Sapukeun.
3.
Ngepél.
4.
Absen.
-
Kantin sareng Kelas :
1.
Sapukeun
2.
Ngepél
3.
Absén
Mangga bilih aya nu bade masihan saran, usul, atanapi ngadugikeun
patarosan.
Della : “Kuring badé naros. Upami nu teu hadir dina ieu rapat, kamana bade milarian informasi pikeun tugas manehna?”
Della : “Kuring badé naros. Upami nu teu hadir dina ieu rapat, kamana bade milarian informasi pikeun tugas manehna?”
Ketua : “ Aya deui nu bade
naros?”
Qeis : “ Kuring.”
Ketua : “Sok mangga.”
Qeis : “Mun alat
kabersihanna téh nyandak ti bumi masing- masing atawa nu ti sakolaan?”
Hatur nuhun ka sadérék Della sareng Qeis anu parantos ngadugikeun
patarosan anu kalintang saé na.
Ngeunaan patarosan sadérék Della, informasi pikeun nu teu hadir
dina ieu rapat tiasa ditaroskeun ka Sekretaris.
Upami ngeunaan patarosan Qeis, alat kabersihanna téh tos
disadiakeun ku sakolaan, tiasa dicandak di Istana Kabersihan.
Sateuacan dipungkas ieu rapat, aya peryogi anu dicindekeun nyaéta
kagiatan Jumsih ieu pikeun ngadukung lingkungan sakola anu pohara bersih tur
éndah.
Sakitu kagiatan rapat ieu parantos réngsé,
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Sakitu kagiatan rapat ieu parantos réngsé,
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
NGAREGEPKEUN CARITA WAYANG
Standar
Kompetensi:
Mampuh ngaregepkeun pikeun maham wacana nu
mangrupa kawih jeung carita wayang.
Kompetensi
Dasar:
Ngaregepkeun carita wayang sacara langsung atawa
ngaliwatan média kasét/radio/televisi.
Materi:
CARITA
WAYANG
·
Carita
wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang anu dipaénkeun
ku dalang.
·
Carita
wayang kaasup kana karya sastra wangun prosa.
·
Wayang
nyaéta sarupa jejelemaan anu dijieun tina kulit atawa kai, nu diibaratkeun
tokoh nu dilalakonkeun dina carita wayang.
·
Carita
wayang téh asalna ti India. Anu nyoko kana babon (sumber) kitab Mahabarata
jeung Ramayana.
·
Carita
Mahabarata dianggit/ditulis ku Wiyasa. Dina carita Mahabarata nu nyekel
kaadilan téh Pandawa, sedengkeun anu murka nyaéta Kurawa.
·
Carita
Ramayana dianggit ku Walmiki. Dina carita Ramayana nu nyekel kaadilanna Batara
Rama, sedengkeun anu murkana Prabu Rahwana atawa Dasamuka.
·
Ngawayang
hartina magelarkeun atawa ngalalakonkeun carita wayang sarta dipirig/ diiringi
ku gamelan.
·
Dina carita
wayang aya istilah kakawén, murwa, nyandra, suluk, garap, jeung antawacana:
-
Kakawén asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina
basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.
-
Murwa nyaéta
dalang ngamimitian ngawayang.
-
Nyandra
nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.
-
Garap nyaéta
cara ngigel atawa merangkeun wayang.
-
Antawacana
nyaéta caritaan dalang.
-
Suluk nyaéta
ngagambarkeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun/ dinyanyikeun ku dalang.
Kacaritakeun aya
hiji santri anu badé nyiar élmu agama. Anjeuna jalmi teu gaduh. Nami na Ahmad. Di
hiji musola, anjeuna nembé bérés netepan. Anjeuna tur ngaos solawat, ”Yannabii
salam alaika yaa rosul salam alaika yaa habib salam alaika solawattullah
alaika… ”
Teras suanten na
anu saé kadangu ku hiji Mahasiswi anu nami na Aisyah. Anjeuna sami-sami nembé
bérés netepan di éta musola. “Ya Allah, meni saé pisan éta jalmi anu ngaos
solawat, hate abdi gé tenang ngadangu na” saur Aisyah nyarios di jéro haté na
sabari ningalikeun ka éta Ahmad.
Teu lami, Ahmad
gé ningalikeun ka Aisyah tur nyampeurkeun. “ Assalamu’alaikum. Punten téh,
upami Pasantrénan Nurul Huda palih mana nya? ” saur Ahmad naros ka Aisyah.
Aisyah teras ngajawab “ Walaikum salam. Palih kidul, caket warung anu sisi
jalan ”. “ Hatur nuhun téh. ” saur Ahmad ka Aisyah. “Sami-sami” Aisyah ngajawab
deui bari mésém sareng tungkul ku sabab isin.
Ahmad gé
langsung angkat ka Pasantrénan. Saentos bérés kapendak sareng pun guru, Ahmad langsung
ka kamar sarta kapikiran ka hiji istri anu tadi kapendak di Musola. “emmhh
Gustiii, éta istri geulisna meni pohara, biwirna beureum tur éndah senyumanna.
Saha nami na nyaaa? ” Ahmad naros ka dirina nyalira di jero haté na, ku sabab
Ahmad teu teurang nami istri anu tadi kapendak di musola.
Aisyah gé sami
kapikiran Ahmad anu keur ngaos solawat di musola. Suanten na saé pisan, jalmina
sopan tur kasép. Aisyah kabayang-bayang waé Ahmad.
Anjeuna kapendak
deui saentos sataun di musola anu pertama kapendak. Ahmad kenalan teras
tukeuran nomer HP. Sabulan kenalan léwat HP, Aisyah teu aya kabar deui nepikeun
lima sasih. Ahmad émut waé ka Aisyah kusabab Ahmad cinta ka Aisyah.
Saentos tilu
bulan, Aisyah masihan kabar ka Ahmad teras anjeuna téh kapendakan di Taman
caket sétu. Saur Ahmad “Kumaha kabarna?”, “Alhamdulillah damang” saur Aisyah
némbalan ka Ahmad.
Haté Ahmad
sareng Aisyah pohara bungahna alatan tiasa kapendak. Ti belah kalér, aya réncangna
Aisyah anu ijid pisan ka Aisyah, nami na téh Fitri. Anjeuna ningali yén Aisyah nuju
sareng pameget. “Wah éta si Aisyah keur duaan jeung lalaki. Kudu dibéjakeun
yeuh ka bapa na!!” saur Fitri nyarios dijero haté na.
Padahal mah
Ahmad sareng Aisyah téh ngan saukur kapendak sareng ngobrol biasa. Da ma’lum
Ahmad sareng Aisyah ogé anak muda anu gaduh perasaan. Fitri langsung angkat ka
bumi Aisyah anu tujuanna badé ngalaporkeun ka Rama na Aisyah nyaéta Pa Héri anu
ngajar di Kampus Aisyah.
Fitri langsung
ngalaporkeun yén Aisyah keur duaan sareng lalaki di Taman caket Sétu. Ngadangu
éta cariosan si Fitri, Rama na Aisyah kacida kagétna. Pa Héri langsung
néangkeun Aisyah ka Taman. Prakna téh leres Aisyah nuju sareng pameget. Rama na
langsung nyampeurkeun Aisyah. “Aisyah, nanaonan manéh di diyeu jeung lalaki??”
saur Rama na nyarékan ka Aisyah. Aisyah teu tiasa némbalan nanaon ku sabab
sieun tur teu wani ka Rama na. Ahmad gé langsung ditampiling ku Rama na Aisyah
kusabab ambek kacida.
Pa Héri langsung
angkat sareng Aisyah. Pas dugi ka bumi, Aisyah langsung dicarékan. Teras Rama
na ngalarang Aisyah kaluar ti bumi salami 40 dinten, kuliah gé teu kéngéngeun.
Di
Kobong, Ahmad kapikiran waé Aisyah. Tapi, anjeuna teu tiasa naon-naon iwal ti
ngadu’a ka Gusti Allah. Pikeun nyobaran haté na, Ahmad sok ngalagamkeum
syi’iran “ Ngucap kullu muttasillin yakunu munfasilan éta nu diucap, tiap
pertemuan éta sok aya perpisahan anu jelas aya. Tong éléhkeun anjeun ku salah
sakitu, lobakeun anjeun ibadah ngadu’a. Tong sieun bakal jadi atau henteu na,
da jodoh mah tos aya nu ngaturna, da jodoh mah pasti moal kamana.”
Umi na Aisyah
nyaéta Umi Kultsum, nyarios ka carogé na, “Aya naon Pa? Si Néng nepi di hukum
kitu?” saur bojo na téh. Teras carogé na némbalan “Taros wé ka si Néng!! Bapa
mah ayeuna badé ka Pasantrénan Nurul Huda, éta santri wawanian ngajak ulin anak
Bapa!!” bari kacida ambekna.
Rama na Aisyah
teras angkat. Barang dugi ka éta tempat, anjeuna nyarios ka anu gaduh
Pasantrénan yén si Ahmad tos wawanian ngajak ulin anakna ka Taman caket Sétu.
Si Ahmad gé meunang hukuman salah sahiji na piwarang ngeueum di kulah tujuh poé
tujuh peuting bari teu nganggo acuk.
Aisyah nu di
bumi ngan tiasa nangis sareng nangis. Rama na nyarios badé ngajodohkeun Aisyah
ka putra réncanganna anu beunghar tur berpendidikan. “Tos ulah nangis waé, kin
énjing badé aya nu dongkap. Dangdos sing rapi!” saur Rama na Aisyah. Bari
ngulucur ci soca, Aisyah gé naros ka Rama na, “Saha Pa?”. “Putra na réncangan
bapaanu beunghar tur berpendidikan anu gelarna Sarjana, teu cara si Ahmad anu
miskin, teu berpendidikan, kahareupna teu jelas. Nu kitu mah moal bisa ngabungahkeun
manéh. Nu aya hirup manéh sangsara!!” saur Rama na téh. “Tapi Pa, Néng mah
hoyong gaduh carogé anu soléh anu dipikacinta ku Néng nyéta A Ahmad, anu tiasa
mingpin Néng ka jalan rido na Allah, hirup téh moal salawasna di dunya. Kabeungharan
gé moal dicandak ka kubur” saur Aisyah.
Aisyah cinta ka
jalmi sanés ningali tina kaayaan anu gaduh kabeungharan atawa henteu, anu
berpendidikan atawa henteu, anu gaduh gelar atawa henteu.Tapi, cinta na Aisyah
ka Ahmad kusabab Ahmad téh jalmi anu soléh tur anu tiasa jadi imam di kulawarga
engkin.
Cariosan Aisyah
teu diwaro ku Rama na. Tengah wengi, jiwa na inget ka Ahmad sareng ragana anu
langsung teu damang. Lami na Aisyah teu damang nyaéta 40 dinten. Pas dinten ka
40 na, Aisyah tos ripuh pisan. Anjeuna nyarios hoyong kapendak sareng Ahmad.
Sadayana nuju
karempel, ”Umiii, Bapaa.. hampura Néng teu tiasa nurut, teu tiasa ngabungahkeun
Umi sareng Bapa. Néng tos teu kiat, tapi… Néng hoyong kapendak hela sareng A
Ahmad sakedap.” Saur Aisyah nyarios ka Umi Rama na. “Bapa sareng Umiii nu kedah
hampura mah Néng, Bapa téh ngan ukur mentingkeun hirup di dunya waé..” saur
Rama na ka Aisyah. Si Fitri gé ménta hampura ka Aisyah. Teras Aisyah nyarios
“sami-sami sadayana, pamugi iyeu sadaya aya hikmah na”.
Teu lami,
dongkap Ahmad, kulawarga na, para ulama, sarta santri ti Pasantrén Nurul Huda.
Anu maksudna Ahmad badé ngalamar Néng Aisyah. Umi sareng Bapa na Aisyah ménta
hampura ka Ahmad salama iyeu. Anjeuna gé ngarestuan éta lamaran sarta ditampi
tur langsung ditikahkeun ku rama na Aisyah harita kénéh. Ahirna, kahirupan
Ahmad sareng Aisyah bagya sarta barokah. Ahmad ogé gaduh hiji Pasantrénan sarta
tiasa ngawurukan 100 santri.
Langganan:
Postingan (Atom)